Tuesday, February 7, 2017

Soal-soal basa sunda bab kawih, sajak, mantra, jeung pedaran

               1 .   Rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg disebut ogé ....

a.       Kawih
b.      Sajak
c.       Pédaran
d.      Mantra
e.       Novél

             2.   Unsur rumpaka kawih aya opat, iwal ti ...
a.       Rasa
b.      Nada
c.       Amanat
d.      Téma
e.       Latar

              3.  Salah sahiji contoh gaya basa ngasor, nyaéta .....
a.       Gunung siga anu milu nguyung
b.      Najan nepi ka ceurik getih ogé
c.       Dahar gé ukur jeung uyah
d.      Karunya anakna teh geuning teu ningali
e.       Kecap Srikandi keur sesebutan ka awéwé wanian

             4.  Gaya basa nu sok dipake pikeun ngaganti (ngaran) ku sesebutan nyaeta ....
a.       Mijalma
b.      Lalandian
c.       Ngasor
d.      Rarahulan
e.       Rautan

             5.    Sapu Nyéré Pegat Simpay nyaeta kawih nu diciptakeun ku ....
a.       Sambas Mangundikarta
b.      Mus K. Wirya
c.       Musrih
d.      Koko Koswara
e.       Nining Meida

             6.   Sajak nu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa ngebréhkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur sipatna leuwih subjéktip nyaéta sajak ....
a.       Épik
b.      Lirik
c.       Anyar
d.      Tradisi
e.       Rajah

            7.  Grand Prix masuk kana sajak ....
a.       Épik
b.      Lirik
c.       Anyar
d.      Tradisi
e.       Rajah

            8.  Nu ngarang sajak Janté Arkidam nyaéta ....
a.       Godi Suwarna
b.      Kis W. S
c.       Yus Rusyana
d.      Ajip Rosidi
e.       Karna Yudbirata

Perhatikeun sajak di handap keur ngajawab soal no. 4 jeung no. 5!
      Langit ngempray, langit harepan
      Seuneu teuneung geni kawani
      Ngaléntab sagara keusik
      .......
            9.  Bait nu cocok jeung sajak diatas nyaeta ....
a.       Geni sakti, cahya ilahi
Hamo bisa dipareuman
b.      Sut urang sundut
Nyengeut obor kamerdekaan
c.       Najan laut kidul
Ngoletrak dipake nyiram
d.      Ngahuru ngabela-bela
Ngaduruk leuweung gonggong langit langgong
e.       Dayang sumbi gupay pucukna
Tangkuban parahu jadi suluhna

     10.  Judul sajakna nyaéta ....
a.       Seuneu Bandung
b.      Janté Arkidam
c.       Grand Prix
d.      Aya naon di cinaon
e.       Blues kéré lauk

11.  Hiji karya sastra buhun anu eusina miboga diksi jeung wirahma jeung miboga kakuatan magis nyaeta ....
a.       Kawih
b.      Sajak
c.       Pédaran
d.      Mantra
e.       Novél

12.  Mantra nu sok dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian nyaeta ....
a.       Asihan
b.      Rajah
c.       Jangjawokan
d.      Singlar
e.       Jampé

13.  Fungsi mantra ajian nyaéta ....
a.       Ngaleungitkeun kasakit
b.      Ngawasa sukma nu lian
c.       Ngadatangkeun kakuatan
d.      Nyingkahkeun hal-hal nu teu dipikahayang
e.       Pikeun kasalametan

14.  Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg manusa
Jleg setan
Manusa wisésa
Sétan sampurna
Sampurna kersaning Allah
Ashadu alla ilaha illalloh
Waashadu anna Muhammadar Rasululloh
Mantra diatas téh kaasup kana mantra ....
a.       Ajian
b.      Singlar
c.       Jangjawokan
d.      Asihan
e.       Rajah

15.  Mantra nu sok dipapatkeun pikeun kasalametan jeung biasana dipaké paranti minangka ijin hiji tempat nyaéta ....
a.       Ajian
b.      Singlar
c.       Jangjawokan
d.      Asihan
e.       Rajah

16.  Kampung Cireundeu teh kampung nu kadaharan pokok masarakatna nyaéta ...
a.       Béas
b.      Sampeu
c.       Ubi
d.      Talas
e.       Jagung

17.  Penulis pédaran Kampung Cireundeu nyaéta ....
a.       Asép Wardiman
b.      Emen Sunarya
c.       Widia
d.      Ari Andriansyah
e.       Sony Farid Maulana

18.  Jenis sampeu nu dipelak tur dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu ....
a.       Pait
b.      Manis
c.       Keras
d.      Taneuh
e.       Putih

19.  Tiap bulanna kampung Cireundeu ngahasilkeun .... ton/hektar.
a.       10
b.      15
c.       20
d.      25
e.       30

20.  Rupa-rupa kadaharan nu diolah ti sampeu kampung cireundeu nyaéta, iwal ti ...
a.       Awug
b.      Gegetuk
c.       Comro
d.      Rangining
e.       Putu

No comments:

Post a Comment